Gusti urang sarerea - bagi yang pertama kali mendengarnya mungkin agak bingung apa ini, namun bagi yang orang sunda sudah tahu apa ini. Buat yang bingung apa gusti urang sarera, ini merupakan nadoman sunda. Gusti urang sarera adalah nadoman sunda yang mengisahkan tentang perjalanan Nabi Muhammad SAW.
Nadoman sendiri artinya itu syair atau pujian, doa. Jadi ya bisa di bilang bahwa gusti urang sarera adalah syair atau pujian kepada manusia paling mulia Nabi Muhammad SAW. Mungkin bisa dibilang mirip mirip dengan AL Barjanji. Namun bedanya bukan memakai bahasa arab, melainkan menggunakan bahasa sunda.
Gusti urang sarerea sendiri bersisi kisah perjalanan hidup dari baginda Nabi Muhammad SAW. dari masa kecil, remaja, dewasa bahkan saat menjadi dan melakukan isra miraj juga ada. Jika kalian yang penasaran dengan Gusti urang sarerea, silahkan simak berikut ini.!
Gusti urang sarerea, Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana, Arab Quraisy nya bangsana
Ramana Sayyid Abdullah, Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah, Wengi Senén taun Gajah
Robi'ul Awal bulanna, Tanggal ka dua belasna
April bulan Maséhina, Tanggal ka dua puluhna
Ari bilangan Taunna, Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna, Sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur, Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur, Di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran, Orok lir kénging nyepitan
Soca lir kénging nyipatan, Sarta harum seuseungitan
Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanéhan
Sesembahan bangsa sétan, Kabéh pada karuksakan
Nabi yuswa lima bulan, Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan, Geus capétang sasauran.
Yuswana sapuluh bulan, Tiasa ameng papanahan
Ngéléhkeun budak nu lian, Tapi tara kumagungan
Parangina Kanjeng Nabi, Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gedé kawani, Sabar nyaah ka sasami
Keur opat taun yuswana, Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana, Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna, Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna, Ilmu hikmah sapinuhna
Tuluy dada Kanjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri, Dihap ku Khotamin Nabi
Harita Nabi ayana, Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengannana, Sa’diyah ngaran lemburna
Rama Nabi kacaturkeun, Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun, Dua sasih kaunggelkeun
Keur lima taun yuswana, Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat éyangna, Abdul Mutolib asmana
Kersana Robbul ‘alamin, Kanjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin, Éyangna mulih ka batin
Sabada wafat éyangna, Nabi dirawat Uwana
Abi Tolib kakasihna, Sadérék teges Ramana
Kangjeng Nabi sering pisan, Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan, Di dinya téh pajeng pisan
Kacatur di éta Nagri, Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani, Nu tepang jeung Kanjeng Nabi
Sadayana sasauran, Ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman, Taurét Injil geus ngibaran
Sipat Nabi panganggeusan, Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman, Ka Nabi ngangken panutan
Lami-lami Kanjeng Nabi, Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari, Kauntunganna dibagi
Istri jenengan Khodijah, Putra Huwalid katelah
Nu pangbeungharna di Mekah, Ka Nabi kalangkung nyaah
Siti Khodijah masrahan, Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh ngaréncangan, Ka Nabi purah nyarengan
Kacarios Maisaroh téh, Loba pamendakna anéh
Cicirén Nabi nu soléh, Matak ngahérankeun kabéh
Tatangkalan uluk salam, Méga bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian, Dina salirana pisan
Pamendak Siti Khodijah, Cocok pisan jeung Maisaroh
Ahirna Siti Khodijah, Ka Nabi mundut ditikah
Harita yusawana Nabi, Salawé taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti, Tapina tambah saati.
Karesepna Kanjeng Nabi, Ka Gusti Allah ngabakti
Di Guha Hiro maranti, Ibadahna saban wengi.
Di dinya jol kasumpingan, Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangéran, Nabi didamel utusan
Harita yuswanan Nabi, Opat puluh taun kawarti
Diutus ku Allah pasti, Nyebarkeun Agama Gusti
Anu iman pangheulana, Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana, Sohabat nu pangmulyana
Murangkalih nu nonoman, Anu pangheulana iman
Sayidina Ali pisan, Ka Nabi sadérék misan.
Jeung ari jalma beulian , Anu pangheulana iman
Sayid Bilal kaleresan, Anu jadi tukang adan
Ari lolobana pisan, Ka Nabi téh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan, Teu aya pisan ras-rasan
Para sahabat kungsi ngalih, Ka Nagri Habsyi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih, Kira kénging tilu sasih
Samulih sohabat ti Habsyi, Kacarios Kanjeng Nabi
Kénging pohara cocobi, Kersana nu Maha Suci
Uwana sareng garwana, Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana, Ka lima puluh taunna
Geus pupus Siti Khodijah, Nikah ka Siti Saodah
Sareng ka Siti Aisyah, Ummul Mu’minin katelah
Ti dinya kersa pangéran, Maparinan kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman, Kakasih nu sipat Rohman
Nuju tanggal tujuh likur, Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur, Kanjeng Nabi téh disaur
Dipapag ku Malaikat, Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna téh cara kilat, Tutunggangan Nabi angkat
Ti Mekah ka Baitul Maqdis, Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis, Kersana Gusti nu Wacis.
Ti Baitul Maqdis terasna, Naékna Tangga Kancana
Mi’raj téa kasebatna, Ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana, Jeung ’Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana, Katut Surga Narakana.
Kangjeng Nabi ditimbalan, Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan, Solat muji ka Pangeran
Kabeh jalma anu iman, Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran, Henteu meunang dikurangan.
Solat éta minangkana, Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna, Nyata rubuh agamana
Kacarios dina jaman, Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana téh kaleresan, Lima puluh dua jalan
Kapir Mekah kacaturkeun, Barang Nabi nyrioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun, Anggur pada nyeungseurikeun
Pada hasud ngakalakeun, Ti dinya Allah ngersakeun
Kanjeng Nabi dialihkeun, Ka Madinah disirnakeun
0 comments